Kamis, 05 Desember 2013

Pakakas Sunda



Pakakas / Pakarang Urang Sunda
1.     Aseuk : Pakakas paranti ngaseuk dijieuna tina kai buleud panjang, mencos tungtungna.
2.    Arit : Pakarang samodel parang tapi leuwih leutik tur ngeluk tungtungna, sok dipake ngala jukut.
3.    Badi : Pakarang sarupa peso nu gagangna bengkok.
4.    Bajra : Pakarang baheula sarupa gada.
5.    Balincong : Pakakas paranti nugar, seuseukeutan, sabeulah lancip kawas linggis, sabeulah deui potongan rimbas.
6.   Baliung : Pakakas tukang kai nu bias digelar-gilir jadi patik atawa jadi rimbas.
7.   Bandring : Katepel, paranti maledog-maledogkeun batu, sok dipake ngala manuk.
8.   Bedog : Pakarang paranti ngadek.
9.   Burang : Tataheunan, awi meunang nyeukeutan tungtungna sabelah, ditancebkeun dinaa liliwetan sato (nu keur diboro), bari diririmbunan ku dangdanunan ngarah ulah katara, supaya nu ditaheunan katubles.
10.        Congkrang : Bedog panjang nu ngeluk congona paranti ngala suluh atawa nyacar.
11.  Dekol : Pakakas nu beunang dipake ngadek saperti kampak turbisa dipake nakol saperti palu (upama dibalikkeun).
12.        Etem : Sabangsa peso paranti dibuat; ngala pare saranggeuy-saranggeuy.
13.        Gacok : Pakakas saperti garpuh, make doran saperti pacul.
14.        Gada : Paneunggeul tina beusi, pakakas perng baheula.
15.        Gaet : Kakait beusi nu make gagang panjang kawas gantar.
16.        Garpu : pakakas paranti nyungkal atawa ngagemburkeun taneuh.
17.        Gegendir : Paneunggeul nu beurat, dijieun tina kai atawa beusi.
18.        Gobang : Pakarang siga bedog tapi panjang .
19.        Gobed : Pakarang siga bedog ttapi panjang.
20.      Jamparing : Panah, nu sok dilepas make gondewa.
21.        Jara : Paka beusi nu tungtungna lancip, paranti ngaliangan kai atawa awi (samemehna sok dibeuleum heula tepi ka hurung).
22.      Kampak : Pakakas tukang kai, banguna siga huntu gede digagangan, paranti nuar atawa meulah kai.
23.      Keris : Pakarang paranti nubles, sok dialus-alus, dipake sosorenan dina upacara-upacara, salasahiji parabot perang baheula.
24.      Kihkir : Pakakas paranti ngasah ragaji.
25.      Kored : Pakakas tani pikeun miceunan jujukutan (biasana bari ngoyos)



Editing by : Illa Tahira A

2 komentar:

  1. pakakas sunda is ferry good

    BalasHapus
  2. Thanks gan infonya
    Soallya nih info buat UKK sunda
    Sya sklh d BPK PENABUR Cianjur
    Kls 2 SMP

    BalasHapus