Kamis, 28 November 2013

Dongeng Rakyat Asli Garut



       Edited By : Tifa Reggi N
Sumber : Buku Kumpulan Dongeng                                         

                                                        Tugu Bunisari Lendra

                Diwewengkon garut loba temapat tempat anu araheng atawa sasakala hiji tempat, diantawisna nubakal di dongengkeun ku simkuring.Kacaturkeun jaman baheula ditatar pakidulan garut aya carita anu nyebarkeun agama islam. Nu puserna ti kiampung dukuh nu nepi kakiwari jadi buhunna agama islam, di pakidulan.
            Kacaturkeun nuju jumengna syeh abdul jalil, dina hiji poe anjeuna angkat ka sukapura rek nepangan kang jeung dalem. Bari mawa mekel leungen kawung nu disolendangkeun dinu lengenna. Barang syeh abdul jalil ngaliwat ka hiji pasir nu lega pisan anjeuna di pegat ku begal, jol jol pasandog eta 8 begal ngepung syeh abdul  bari nongtak awak syeh abdul jalil.
Begal : heh ki silah rek kamana sia ? wani wani teuing ngaliwat ka pasir ieu !
Syeh : ke aya naon kitu ?
Begal : tong loba omong mawa naon eta ?
Syeh : kaula mah teu mawa nanaon da .
Begal : bohong siah , kadieukeun eta babawaan mun henteu ku aing dipaehan siah
Syeh : ieu mah koja anu aya lengen kawungan ? naon andika hayang ?
Begal : tong ngabohong ! buru alungkeun eta koja!
Syeh : tah mere !
            Samaruk begal anu dialungkeun ku syeh abdul jalil teh emas padahal mah ngan leuengn kawung . tapi teu di sangka teu di duga ku jalma nu jember ilmu mah lengen kawung eta teh jadi batu . tapi nu 8 begal eta mah teu nyahoeun anu eta teh batu . nu 8 begal eta marebutkeun batu nu teu kawilang gunanan , nepi ka bukbek gerelut.
Sababaraha poe ti harita syeh mulih deui kaliwatan eta tmpat . kasampakna eta begal teh anggeur keur garelut keneh sakitu jeung batur sorangan marebutkeun batu.
Syeh : cing andika kabeh sing areling . begal begal eta arolohokeun
Begal : rek naon sia ka dieu deui ?
Syeh : lain cing tempo ku silah naon nu diparebutkeun teh atuh ?da eta mah batu
Begal begal netep eta batu nyakin eta batu sangges syeh abdul jalil ngomong eta batu. Anu awalna ceuk 8 begal eta emas.
Syeh : ke ari ki silah teh sabenerna timana ?
Salah sahiji begal ngajawab
Begal : aing mah ti banten , rek naon kitu ?
Syeh : saha kokolotna ?
Begal : saha kokolot aing ? kokolot aing mah ki entol jawira . tah ieu !
Ki entol ampun ampunan ka syeh abdul jalil.
Syeh : sok ayena kumaha pikareupna ?
Ki entol : ti semet ayeuna kaula tunduk sarta taluk ka andika, kamana bae kaula rek nurut .
Syeh : tah atuh ari kitu mah ti mimiti ayeuan kudu ngarobah adat kalakuan , sarta kudu diajar agama islam !
Ki entol : sumuhun ampun kaula sapara kanca bade ngarobah adat kalakuansarta ti mimiti ayena rek diajar agama islam.
            Atuh teu nolih nanaon bring begeal anu 8 urang eta nuturkeun syeh abdul jalil jeung diangkat aranjeuna jadi muridna syeh abdul jalil.
            Kakocapkeun eta begal nu 8 urang teh geus dibekelan elmu agam jeung soson soson nyebarkeun agama islam ti wewengkon cikelet nepi ka wewengkon cikajang ayeuna.
            Sanggeus maraot aya nu di kuburkeun disisi lebak ciseundehan, nelah nepi ka kiwari disebut “ eyang seundehan”. sembah cikajang alias entol jawiria, sabab kuburanna aya di deukeut sirah lebak cikajang nu ngamuara di cipaleubuh .
            Ari batu anu dialungkeun ku syeh abdul jalil tea terus nanceub di pasir nu kiwari tonggoheun SMP Negeri Cisompet. Nu nelahna Tugu Bunisari Lendra.
            Tah palawargi eta diantawisna carita jaman baheula nu aheng teu kapikir ku jalma biasa atawa ku logika. Ku urang titenan kacida perluna elmu agama teh lantaran urang sararea yakin kuelmu agama urang bisa ngarobah sgala nu goreng moal pahili jeung nu bener.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar