Kamis, 28 November 2013

essay sunda "ngamanusakan komputer"

edited : Tifa Reggi N

MÉH saban poé urang pagilinggisik jeung nu ngaranna dokumén. Ti mimiti koran, struk balanja, tagihan listrik, surat pakgadé, formulir nyieun KTP, jsté. Béh dituna, méméh ubyag hapé jeung internét, silih kirim surat (koréspondénsi) jadi kabiasaan sawatara jalma pikeun komunikasi.
Ayeuna jaman geus robah. Sawatara kabiasaan konvénsional kiwari geus kalindih ku téknologi digital. Baheula mah apan hésé naker mun urang hayang maca koran urang deungeun téh, upamana The New York Times. Béda jeung ayeuna. Asal nyambung ka internét, rék maca koran naon waé ogé moal burung laksana.
Saenyana nu robah téh lain koranna, tapi cara jeung kabiasaanana. Dina koran citak, urang geus ilahar manggihan rupaning tulisan nu maké susunan judul, lead, head, jeung paragraf. Dina sela-sela tulisan, bréh aya gambar, foto, atawa iklan. Dina koran online gé, struktur modél kitu téh masih kénéh dipaké. Bédana téh, dina koran citak mah urang kudu mukaan salambar-salambar, dina koran online mah cukup ku mencét mouse keur nyungsi unggal kaca téh.
Rupaning informasi dina internét dipidangkeun dina kaca wéb. Cara gawéna siga kieu; nu boga informasi (upamana pausahaan koran), neundeun rupaning data dina komputer nu disebut servér. Éta sérver terus disambungkeun kana internét, sarta bisa diaksés ku saha baé nu keur nyambung ka internét. Unggal servér boga kode nu unik (sebut IP address), kira-kira teu béda ti nomer hapé atawa nomer induk penduduk. Ngarah éta kode babari kaharti ku manusa, nya dikonversi kana kecap-kecap nu leuwih ilahar. Urang bakal téréh kénéh nginget-nginget google.com ti batan kode 64.233.167.104.

Partisipasi jeung Kolaborasi

Di antara punjulna wéb téh, saha waé bisa milu nyumbangkeun idé jeung gagasan. Dina web generasi awal, informasi nu dipidangkeun téh statis, teu béda ti urang maca koran citak. Hartina sakur nu maca geus dialas, teu bisa nanaon deui iwal ti maca. Tapi kiwari web geus jadi kontéks keur saha waé pikeun nepikeun pamikiranana.
Mun urang maca berita dina koran citak, terus boga kateupanuju, nya wayahna kudu nyieun surat pembaca. Kakara éta kateupanuju téh bisa kabaca ku balaréa mun éta surat pembaca dimuat. Tah, wéb mah méré lolongkrang harita kénéh, nu maca bisa langsung nulis komentar atawa kamandang kana hiji pausalan.
Konsép partisipasi jeung kolaborasi geus jadi bagian tina trén dunya wéb kiwari. Fungsi wéb lain ukur keur midangkeun informasi (berita, gambar, vidéo, jsb), tapi pikeun nampung informasi deuih. Sakur jalma dibéré alas, dibéré kasempetan pikeun milu “nyarita”.
Méméh taun 2000-an, ukur sawatara urang baé nu bisa muka informasi dina wéb téh. Nyieun wéb, harita mah, lain pagawéan énténg. Perlu pangaweruh kana téknologi, waragad nu lumayan, jeung aksés internét nu nyukupan. Ayeuna nu ngaranna internét geus aya di mana-mana. Atuh mun hayang boga wéb sorangan, teu kudu hésé. Geus aya fasilitas wéb gratis mangrupa blog, nu bisa dijieun ku saha waé, jeung bisa dieusian ku naon baé—sapanjang teu papalingpang jeung hukum. Ayeuna mah apan internét geus lain barang anéh, tapi geus ilahar tur jadi kabutuhan manusa.
Situasi modél kieu téh, ku nu pinter jeung calakan mah, dipaké lahan usaha. Matt Mullenweg, nu naratas Facebook, boga idé jénius lantaran bisa ngigelan ceuyahna jelema nu ngaksés internét. Matt Mullenweg weruh yén di unggal manusa aya pasipatan hayang babagi informasi, curhat, nepikeun eusi haté, boh ka babaturan boh ka balaréa. Ti dinya Matt nyieun Facebook, aplikasi di internét keur ngahubungkeun papada jelema. Geus kitu réa nu ”kaeurad” ku Facebook, nepi anggotana leuwih ti 500 juta, tur diaksés ku jelema ti suklakna ti siklukna, ti sakuliah dunya. Burudul wéh iklan, nya teu héran mun beubeunanganana mucekil, nepi Matt jadi bagian ti jelema nu pangbeungharna sadunya.

Wéb Semantik

Téknologi wéb terus mekar, beuki canggih, tambah ahéng. Dina sakitu taun ka hareup, wéb bakal jadi pangabutuh sakur jalma. Lain éta wungkul deuih, tina kamampuhna gé geus matak hookeun. Para ahli ti ayeuna geus ngararancang lahirna Wéb generasi katilu, atawa sok disebut Wéb Semantik.
Dina élmu linguistik, semantik téh élmu nu patali jeung ma’na kecap atawa kalimah. Hiji kecap, torojolna tina basa nu raket hubunganana jeung masarakat nu maké éta basa. Ku kituna, analisis semantik kana hiji basa, can tangtu bisa dilarapkeun kana basa séjénna. Komo apan kacaturkeun di dunya téh aya rébuan basa, tur unggal basa boga rébuan kecap deuih.
Wéb semantik baris calakan pikeun ngahartikeun sakur kecap tina unggal basa. Upamana, bisa ngabédakeun kecap ”bangga” dina kalimah ”mani bangga soal ujian téh” jeung kalimah ”saya bangga jadi orang Sunda.”
Prinsipna mah, web semantik téh nyaéta tarékah manusa dina ngamangpaatkeun komputer, sangkan komputer bisa ngarti kana naon nu dipikahayang ku manusa. Sigana teu pati géséh jeung komputer nu sok ditémbongkeun dina pilem sains-fiction, nu canggih jeung ahéng téa.
Danget ieu, fungsi mesin panyungsi (search engine) dina internét masih kénéh kawatesanana. Google upamana, can bisa méré jawaban nu bener-bener akurat. Pagawéan Google ayeuna nyaéta nyalusur leuweung data di internét, mukaan unggal kaca wéb, terus dianalisis, hasilna dipidangkeun ka nu nanya. Akurat? Can tangtu. Lantaran informasi dina internet ditulis maké ”basa manusa”, lain ”basa komputer”. Tapi dina jaman wéb semantik mah, naon nu ayeuna dianggap mustahil, bisa jadi kanyataan.
Kiwari sawatara wéb di internét geus maké konsép semantik. Énsiklopédi bébas Wikipédia keur naratas proyék wéb semantik nu disebut Dbpédia (dbpedia.org). Keur babandingan, urang cobaan nanya ka Google jeung Dbpédia ku pananya ”jelema nu lahir di Jakarta” (people who were born in Jakarta).
Hasilna katémbong yén Google mah masih kénéh midangkeun hasil nu can tangtu dipikabutuh ku nu nanya, malah diteundeun dina jajaran pangluhurna. Béda jeung konsép semantik nu langsung midangkeun béréndélan jalma nu lahir Jakarta, lengkep jeung tanggal lahir katut déskripsi ngeunaan éta jalma.
Iraha atuh prungna wéb semantik téh? Ah, urang lalajoan wé.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar